Asa geus
peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur
ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun
ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig.
Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi
kuring keur alum ngungun.
Ti peuting
kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas
kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok
ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng
cimata.
Hiji mangsa
mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur
ningali Apa.
“Hawatos Apa
kahujanan di buruan,” omongna. Emh.
Diteuteup
deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur
ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah,
bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru
pangsaréan.
Ari peuting
ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong
baé aya nu ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna. Girimis di luar
can kénéh baé raat.
Pirajeuneun
kuring turun tina pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé
laju katangén, lebah juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu
ngadago limpas.
Ti mangkukna
mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya
anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar
téh. Teu gering teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari
calik keur ngariung balakécrakan satutas sambéang Magrib, Apa rubuh
ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad
Alloh. Lah!
Diteuteup deui
téh, adi kuring anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya
sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti
tebéh buruan teu caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu
ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa
kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu
téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban
waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna
pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh.
“Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun
katémbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar,
walonna téh can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring
geus dalahar atawa acan? Leuh!
Di luar,
girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora
séahna bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah
keur bawaeun mulang…”
Ari dirérét,
adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu
murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa
teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun
ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha. Kalah girimis beuki lila beuki kerep
waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki pageuh
ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé. Sakapeung
témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina
kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
“Ku naon Apa
teu disina lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu
bati hémeng. Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus
ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka
luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun
gagancangan, bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti
tatadi Ema ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé
gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan. Sajongjongan mah anteng baé
neuteup ka kuring.
“Pangnyandakeun
payung di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun
deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah
tuluy nyaluuh bari nginghak. Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah
sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.*** (Dian Hendrayana
)
Anda baru saja membaca artikel yang berkategori dengan judul Girimis Teu Bae Raat. Anda bisa bookmark halaman ini dengan URL https://mediapendidikanlentera.blogspot.com/2014/11/girimis-teu-bae-raat.html. Terima kasih!
Ditulis oleh:
lentera pena - Tuesday, November 4, 2014
Belum ada komentar untuk "Girimis Teu Bae Raat"